Lirik Lagu Katineung

Girimis nu jadi saksi
Lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngaleupas kasono ati
Ngaleupas katineung asih

Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut janggji rek ngajadi
Hanjakal henteu ngajadi
Jodo mah kagungan gusti.

Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
Kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Ngan hanjakal saukur kalangkang

Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Tapak tilas lalampahan
Urang duaan
Masih narembongan