Lirik Lagu Hararese - Ohang


Lirik Hararese - Ohang

**
Geus lima bulan kuring bobogohan
Jeung manehna tapi tacan beubeunangan
Ngan saukur ngobrol bari ngadeukeutan

Unggal apel teu aya kasempetan
Di imahna loba pisan gangguan
Da adina sok diuk dina lahunan

Sakali waktu ku kuring diajak kanu poek
Tapi manehna gegeremengan sieun di ceukek
Padahal uing mah hayang ngahompet lalaunan
Geus teu kuat lima bulan kuhayang ngeukeupan
Hayang duduan hayang sosonoan Itung itung latihan

Tapi asa harese tong boro mepende
Malah landa lende oge teu daek merean bae
Uing beuki kesel hate asa henteu di palire

Geus diolo dibobodo tapi na boloho
Batan ngarti malah opopok na hayang jajan baso
Cenah geus lila sono komo ka baso apolo

Arek maksa arera sieun ngagorowok
Kanyahoan ku tatangga uing disangka markosa
Padahal saeutik enya hayang sare jeung manehna

Back**